Senin, 29 Agustus 2011

PANJANG PANGLAMUNAN

oleh Mang Isur

Bismillah alhamdulillah wasshoolatu wassalaamu ‘ala rosulillah Muhammad ibni ‘abdillah wa ‘ala aalihi wa shohbihi waman walaah (amma ba’du):

“Dua kasakit jiwa nu teu aya deui panggorengna kajaba anu dua perkara, kahiji kadedemes kana harta kadua panjang harepan”.

 Gara-gara thulul amal (panjang pangharepan) jul-jol kasakit ati daratang, anu puncakna ninggalkeun ma’rifat jeung ngurangan tho’at.
Thulul amal the panjang pangharepan, luhur teuing cita-cita, loba kahayang, boga rasa yen diri teh masih lila keneh hirup di dunya, asa rek panjang umur, asa lila keneh kana maot, nepika poho kana pibalikeun jeung bawaeun pikeun engke di akherat.
Ieu pisan nu didawuhkeun ku Rosululloh yen aya dua jalma nu kacida pisan gorengna. Ari nu kaduana nyaeta khirshu.
Ari khirshu mah kadedemes ku harta, kasenhgsrem ku dunya nepika beurang peuting dipake mikiran dunya, teu aya waktu nu kaliwat dipake mikiran harta, ngan harta jeung harta nu dipake implengan.
Nu goring lain hartana lain dunyana tapi nu goring mah kasakit jiwana.
Naon sababna pangna manusa miboga sifat khirshu?
Sabab boga rasa rek hirup lila, asa rek panjang umur, ku sabab thulul amal.

Akibat thulul amal:
Akibat thulul amal renung mangpirang-pirang kasakit jiwa, diantarana:
  1. Nyapirakeun kana ibadah, keun wae ibadah mah engke ari geus kolot ayeuna mah mangsana nyiar dunya, mangsana mikirkeun kahirupan keur bekel engke ibadah ari geus kolot, engke ge aya keneh waktu keur ibadah mah da lila keneh kana maot.
  2. Nyapirakeun kana agama.
  3. Nukang nonggong ka Alloh.
  4. Teuas hate, lamun jalma geus nyapirakeun kana ibadah jeung nuking nonggong ka Alloh pasti bakal poho ka akherat, bakal poho kana maot, lamun geus poho kana maotpasti bakal teuas hate, hatena hese diajak kana bener, hese dibawa ibadah sabab dirina geus kaliputan ku dosa, da tujuanana jeung nu jadi pikiranana ngan ukur dunya jeung dunya, sakumaha pidawuh Alloh dina Q.S. Al-Hadid: 16: “tuluy maranehna panjang harepan, tuluy tareuas hatena.”
  5. Maot teu mawa iman, ieu puncak karuksakan. Lamun jalma geus boga rasa rek hirup lila, rek panjang keneh umur, geus katerapan panyakit thulul amal, ibadah ge dikaitkeun kana dunya, solat ge pedah hayang beunghar, puasa haying beunghar, jeung sajabana, mangka bakal timbul bingung kunu can aya, bingung ku pikahareupeun, tungtungna hirup ukur dipake ngudag-ngudag hartanepika poho kana tugas jeung kawajiban diri salaku hamba Alloh nu wajib ibadah ka Mantenna, kulantaran jalma geus tara ibadah atuh imanna lila-lila ngipisan nu akhirna beak pisan, nya maotna teu mawa iman. Na’udzubillah…

Ieu thulul amal teh panyakit jiwa nu geus ummul balwa (geus jadi panyakit umum), teu kolot teu budak, teu rakyat teu pejabat, kabeh ngudag-ngudag dunya, buktina majelis ta’lim jeung tempat pangajian karosong, pribasa teu kabujeng ngaos, teu aya waktos, sibuk kaditu kadieu, madrasah jeung pasantren ukur ngajentul bangunan wungkul, paling hiji dua nu ngeusianana, sabab pangrasa budak kaluaran ti madrasah jeung ti pasantren mah teu bisa diandelkeun keur neangan dunya.
Padahal loba pisan tadzkiroh/peringatan ti Alloh ka diri, saperti diri dibere gering, tatangga jeung baraya aya nu maot, aya bencana alam, dagang kari hutang, tani kari daki, eta teh dihaja ku Alloh sina eling ka Anjeunna, lain sina neangan deui pangeran ka lianti Alloh, lain sina neangan panyalindungan ka lian Alloh.

Cara ngubaran thulul amal:
Ari cara ngubaran thulul amal kudu boga rasa yen diri teh kakara cikeneh gubrag ka alam dunya, moal lila ge rek balik deui ti dunya, kapan pidawuh nabi ge:
“Kun fiddunya kaannaka ghoriibun au ‘aabiru sabiil, anjeun kudu boga rasa yen hirup di dunya the saperti jalma nu ngumbara atawa nu meuntas jalan.”

Ari nu ngumbara mah moal lila, atawa akhir ge balik deui ka tempat asal, diri the urang akherat engke rek balik deui ka akherat, di dunya mah ngan ukur ngumbara jeung moal lila da ngan sakadar ngaliwat wungkul, kulantaran kitu kudu bias ngubur maneh samemeh dikubur, sing boga rasa kuring the rek paeh isuk.
Malah Nabi Isa as. Ngadawuh kieu:
“Ari lilana alam dunya teh ngan tilu poe, poe kamari nu geus kaliwat sarta moal bias dibalikan deui, poe isuk nu duka rek kaalaman duka moal, sarta poe ayeuna nu keur karandapan.”

Ku lantaran kitu, supaya urang bener dina hirup di alam dunya, gunting heula thulul amal jeung khirshu, tapi lain ulah usaha, ngan eta usaha kudu dijadikeun dwi darma (darma ning bakti jeung darma ning parentah) engke oge ku Alloh digentian, sajaba ti hasil usaha aya ganjaran ti akherat, tapi lamun haying meunang ganti wungkul ti Alloh, ari ibadah henteu, datangna teh teu mawa rohmat. Saperti carita maung jeung mencek nu ziarah ka Nabi Adam as., mimiti mencek dating ka Nabi Adam tuluy diusap awakna ku Nabi Adam, mangka awak mencek jadi seungit, saentas kitu mencek balik, ditengah jalan papanggih jeung maung, ceuk maung: “Ku sabab naon awak anjeun jadi seungit kitu?” Tembal mencek: “Kuring tas ziarah ti Kanjeng Nabi Adam.” Tuluy maung oge nurutan ziarah ka Nabi Adam mawa niat haying seungiot awak jiga mencek, saba’da dating tuluy di usap tapi awakna kal;ah jadi bau hapeuk. Didieu timbul pertanyaan, naha ari mencek mah saba’da diusap jadi seungit awakna tapi ari maung nu aya jadi bau hapeuk? Sabab beda niat, beda tujuanna, tujuan mencek mah karena Alloh seja rek silaturahmi ka kakasih Alloh, maka dibales jeung diganti ku Alloh kunu leuwih hade, ari tujuan maung mah sabalikna, nyaeta hayang seungit awak, goring hate, jadi teu hasil kahayangna.
Kitu deui nalika urang ibadah, lamun ikhlas karena Alloh pasti ku Alloh bakal dibere dua ganjaran di dunya jeung di akherat sakumaha pidawuh Alloh:
“Man kaana yuriidu hartsal aakhiroh nazid lahu fii hartsihi, saha jalma nu mikahayang kauntungan di akherat maka Kami rek nambahan eta kauntungan pikeun dirina (di dunya).”

Tapi lamun ibadah lain karena Alloh, tegesna ibadah karena haying dunya, dunya biheung kapanggih akherat komo.

Wallohu a’lam

Sumber:
MUTIARA HIKMAH (JALAN PIKEUN NGAHONTAL DARAJAT KAWALIAN) JILID 2, Di susun ku: K. Asep Moh. Thohir SH, Dikaluarkeun ku Pasantren Miftahul Huda Manonjaya 46197 Tasikmalaya Jabar.

0 komentar:

Posting Komentar

newer post older post Home