Sabtu, 27 Agustus 2011

TAWIS KATINEUNG INDUNG BAPA

Oleh Mang Isur
Indung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat, kitu numutkeun paribasa indung darma ngakandung, bapa darma ngayuga. Estu clak putih clak herang, caang bulan opat welas, jalan badag sasapuan, teu rek igeg taligeg, moal baha kana tinimbalan yang manon.
Kalayan kudrot sareng irodatna Alloh waktu anu ditunggu-tunggu tos katimu, sanaos nu tadi rikat indit, nu tiheula cepat mangkat, anu datang cepat mulang.

 Anaking…
hidep ayeuna tos ngabandang ngajadi bujang tutug rampung tuntas paragat, milang jari panuntungan, dina detik ieu hidep anaking ngawitan mangsa baligh, mugaran nampa tugas tinu Kawasa. Nampi pamerdih tinu Maha Suci. Buku amal weutuh di Lohil Mahfudz mangga geura sambut ku pangemut, buku daftar anjeun keur setorkeuneun dina hisaban. Kenca katuhu malaikat petugas Alloh ngukuntit kamana wae hidep indit, dinu caang dinu poek, keur lobaan keur nyorangan, rek tarik atawa laun, katawis atawa henteu, mungguh Alloh teu aya nu samara, rengkak paripolah anjeun moal lesot tina pangdangu sareng paneuteup Pangeran Robbul ‘Alamiin.

Ayeuna mangsa miang nagleupaskeun medar layar kahirupan, geusan ngambah sagara bakti ka Pangeran. Kade anaking ulah rek katipo ku hejona laut, ulah rek kabita ku rayuan ombak lautan.
Hejo sote rupana da ari eusina mah matak cilaka jeung matak sangsara. Sing rajin neangan elmu, margi elmu nu bakal mentaskeun hidep dina lautan kahirupan. Ulah rek kaganggu atanapi ngagugu hawa nafsu, margi eta pangajak syetan anu dila’nat ku Pangeran, sabab badan anu katempuhan. Laksanakeun sareng heulakeun kawajiban ti Pangeran, terutama sholat anu lima waktu keudah dilakonan dina awal waktu. Teras pigawe sunnah Nabi ngarah engke jadi dandanan di akhir zaman.

Lain ema jeung bapa rek ngaleupaskeun tanggung jawab, dalah dikumaha ayeuna hidep tos gaduh buku nyalira. Bapa ngan saukur bisa gugupay ku pangwarah ala kadarna, tetep hidep nu nangtoskeun.

Ayeuna anaking anak bapa jeung ema,
bapa jeung ema amanat pertahankeun syahadataen ulah nepika pareum, sing hurung dina jajantung, tuluy patalepa ka anak incu hidep. Lamun teu kitu berarti anjeun jadi pengkhianat agama, Rosul, shohabat, jeung ‘ulama, malah kanu jadi indung jeung bapajeung sakabeh turunan, tah ieu titip tie ma jeung bapa (dua kalimah syahadat):

“ASYHADU ALLA ILAAHA ILLALLOH WA ASYHADU ANNA MUHAMMADARROSUULULLOH”

0 komentar:

Posting Komentar

newer post Home