Sabtu, 27 Agustus 2011

LENYEPANEUN

oleh Mang Isur
Bismillah alhamdulillah wassholaatu wassalamu ‘ala rosuulilllah muhammadibni ‘abdillah wa ‘ala aalihi wa shohbihi waman walah, amma ba’du…

Dina basa Sunda aya paribasa “manuk hiber ku jangjangna, jalma hirup ku akalna”, satiap mahluk ku Gusti Alloh geus dipaparin rupa-rupa parabot pikeun nyiar kahirupanana.
Sapertikeun Alloh maparin jangjang ka manuk supaya manuk bias hiber sahingga eta manuk bisa ngudag rizki make jangjangna, Alloh ge mere cakar ka hayam supaya hayam bisa neangan hakaneun ku cakarna, terus lauk ku Alloh dibere buntut sahingga lauk bisa ngojay pikeun ngasab rizkina, jeung masih loba deui conto-conto nu sejena.
Kumaha atuh pikeun manusa?
Naon nu dibikeun Alloh ka manusa pikeun parabot nyiar rizki?
Diantara jawabanana aya dina paribasa diluhur nyaeta akal.
Ku sababiah akal manusa nu teu boga jangjang bias hiber lir ibarat manuk, bahkan bias hiber leuwih luhur tibatan manuk. Ku sababiah akal jalma bias kokoreh saperti hayam neangan rizki nu kakubur dina sajeroeun taneuh. Ku sababiah akal oge jalma bias teuleum ka dasar sagara lir ibarat lauk.
Akal nu mikir kumaha sangkan rizki nu ngagantung di awing-awang bisa di rawel. Akal nu neangan cara kumaha sangkan rizki nu nyumput bisa ebreh. Akal nu neangan jalan kumaha sangkan rizki nu jauh bisa jadi deukeut. Saentasna akal mikir kakara hate milu mempertimbangkeun, ceuk hate naha rizki nu rek diusahakeun supaya kapimilik halal atawa haram? Naha rizki nu rek diteangan mantak ngamadaratkeun atawa ngamaslahatkeun boh pikeun diri pribadi atawa balarea? Tidinya, saentasna akal manggih jalan, cara geus kapikir, hate mere keputusan, kakara anggahota awak-awakan nu meraktekeunnana, suku ngalengkah, leungeun meta, panon nenjo, ceuli ngadengekeun, sakabeh panca indera teu cicing bari akal tetep mikir kumaha cara sangkan eta rizki gancang beunangna, kumaha cara sangkan awak nu ikhtiar teu ripuh teuing ngusahakeunnana, risi ku bisi rempan ku sugan mangpaurkeun rizkina mah halal tapi jalan nu disuprihna teu sarua jeung nu geus diatur ku agama, sahingga nu tadina rizki the pihalaleun kalah jadi perkara haram.

Ayeuna lenyepaneun…
Lamun urang ngaku bahwa urang termasuk diantara sebahagian jalma-jalma nu berpikir, naon atuh nu kudu dihariwangkeun ku urang dina kahirupan ieu?
Sedengkeun Alloh geus maparin urang akal nu sehat, anggahota badan nu lengkap, sarta iman kana ayana Alloh swt. Nu Maha Agung Nu Maha Mikanyaah ka satiap mahlukna, katut dina kahirupan urang dipaparin kalaluasaan waktu pikeun diajar jeung usaha.
Saterusna, didieu urang ulah poho da ari manusa mah darma wawayangan, usik malik aya nu metakeun. Lain mahluk nu nangtukeun tapi Alloh nu ngersakeun, teu satiap nu dipikahayang ku manusa akur jeung katantuan ti Alloh, teu sakur-sakur nu dihasilkeun sarua jeung anu direncanakeun, maka didieu manusa wajib tawekal pasrah sumerah ka Gusti Alloh saentasna usaha nu dibarengan ku ngado’a. Naha rek dihideungkeun naha rek dibodaskeun etamah teu langkung Nu Gaduh Kawasa. Manusa ngan saukur bisa usaha nu dibarengan ku do’a, bilamana hasil akur jeung nu dipikahayang maka wajib sukuran kanu Kawasa, tapi bilamana akhirna teu sarua jeung nu direncanakeun ti awal mangka ulah rek goreng sangka ka Gusti Alloh. Yakinkeun na diri lamun Alloh teu bakal ngaganti kunu leuwih hade pasti pamaksudan urang bakal kapimilik dina lain waktu.
Wallohu a’lam…

 

0 komentar:

Posting Komentar

newer post older post Home