Rabu, 18 Juli 2012

PEPERTELAAN HAID, NIFAS, SARENG ISTIHADLOH (BAGIAN 3)

0 komentar
BAB 4
PEPERTELAAN NIFAS

Anu ngaran nifas nyaeta kaluar darah dina saba’da ngalahirkeun.
Ari pangsaeutikna jaman nifas nyaeta sakecretan darah, ari ghalibna jaman nifas nyaeta 40 poe, sedengkeun panglamina jaman nifas nyaeta 60 poe.
Tah ieu hukum teh panetepan Imam Syafi’i kalayan hasil istiqro’ (panalitian) di jaman istri-istri urang arab kapungkur.

BAB 5
PEPERTELAAN ZAMAN SUCI

Zaman suci pangsakedapna 15 poe 15 peuting, saumpama kaluar darah sateuacan 15 poe 15 peuting eta lebet kana istihadloh.
Ieu ukuran 15 poe 15 peuting teh upama ngetang kana jaman antara haid sareng haid deui, da saumpami ngetang antara haid sareng nifas, atawa antara nifas sareng haid, atawa nifas sareng nifas, aya kamumkinan jaman suci kurang tina 15 poe 15 peuting.
Conto:
1.    Antara haid sareng nifas;
Umpama istri nuju hamil haid (sabab terkadang aya istri anu hamil haid) nembe tujuh dinten, tina saba’da haid tuluy ngalahirkeun, tuluy nifas, atuh jaman sucina ngan tujuh dinten.

2.    Antara nifas sareng haid;
Istri nifas saba’da 60 dinten saat, kakara oge saminggu datang deui darah, tah eta teh kaasup darah haid, atuh jaman sucina ngan saminggu.

3.    Antara nifas sareng nifas;
Istri ngalahirkeun tuluy nifas, nuju nifas dialap suka (diwathi’), kaleresan teras hamil, berarti istri nifas bari hamil.
Upama tea mah kakara saminggu saat tina nifas teras ngalahirkeun (karuron), saba’da karuron teras nifas, atuh jaman sucina ngan saminggu.

Ari galibna jaman sucian eta ngitung kana ghalibna haid,
upama galibna haid genep dinten maka galibna sucian 24 dinten, upama galibna haid tujuh dinten maka galibna sucian 23 dinten. Jadi ringkesna mah galibna sucian sabulan dikurangan ku galibna haid.
Ari panglamina jaman sucian eta henteu aya batesanana. Malah sok aya istri salawasna tara haid tara nifas.

Rangkuman:
Pembagian darah anu kaluar tina farji:
1.    Darah haid,
zaman pangsakedapna kaluar darah haid sadinten  sawengi.
zaman galibna (pertengahan) kaluar darah haid genep atanapi tujuh dinten sinareng wengina.
Zaman panglamina 15 poe 15 wengi.

2.      Darah nifas,
Zaman pangsakedapna kaluar darah nifas nyaeta sakeclak.
Zaman galibna (pertengahan) kaluar darah nifas 40 dinten.
Zaman panglamina kaluar darah nifas 60 dinten.

3.      Darah istihadloh,
Zamana henteu tangtos, pokona mah luar tina bates haid sareng nifas eta darah teh darah istihadloh.

MUHIMMAH

Asal poko haid henteu kedah qodlo solat najan kaselang ku saatasal dina jero lingkungan 15 poe 15 peuting. Tapi aya anu wajib diqodloan nyaeta dina gambaran:
1.    Upama waktu solat tumanjing, tapi can ge solat kaburu datang haid, tah solat nu eta kedah diqodloan. Malahan maju ka hareup sareng asarna upama kaleresan eta waktu teh waktu lohor. ‘Elatna, sabab sah dijama’. Upami aya dina waktos magrib, maka ngodloan solatna magrib sareng isya.
2.    Upami dina saatna maka ngodloan solatna ngala ka pengker. Conto sapertos saat dina waktu asar tapi henteu kaburu solat asar da kaburu datang waktu magrib tur henteu kaburu susuci sabab waktuna akhir pisan. Eta solat asar wajib diqodloan oge mundur sareng lohorna. Upami saatna dina waktu isya, tapi henteu kaburu solat, maka eta solat isya wajib diqodloan oge mundur sareng magribna. Ringkesna, dina datang maju kahareup, dina saat mundur ka tukang. Tapi waktu subuh mah henteu ngala ka hareup henteu ngala ka tukang. ‘Elatna, sabab waktu subuh teu aya layan pikeun ngajama’na.
Atawa mimiti kaluar darah haid dina waktu asar atawa saat dina waktu duhur tapi henteu kaburu solat, tah nu diqodloan teh asar wungkul atawa duhur wungkul.



PANUTUP TINU NYUSUN IEU RISALAH

Alhamdulillah parantos tamat nyusu ieu risalah masalah bab haid, nifas, sareng istihadloh, namung mung ukur sabagian ageungna bae.
Nu diangge dasar panyan dakanana nyaeta Kitab Syarh al-Bajuri Juz Awal Pasal Haid.
Kalayan pitulung Gusti Allah oge kalayan qudrot irodat mantenNa tamat ieu risalah kaping 4 Jumadil Ula’ 1409 Hijriyah, kaleresan kaping 12 Januari 1989 Masehi.
Malar janten bantosan pikeun ngagampilkeun kanu dialajar susuci pikeun ibadah, terutami dina masalah solat sareng saom.
Ieu risalah mumkin aya lepatna, ku kituna mugi para wargi kersa ngalereskeunana.

Wasalam ti panyusun,
KH. Sholih Naashihin

TAMAT

sumber: http://www.facebook.com/note.php?saved&&note_id=331816176900197
newer post

PEPERTELAAN HAID, NIFAS, SARENG ISTIHADLOH (bagian 2)

0 komentar
BAB 3
PEPERTELAAN ISTIHADLOH

Ari ngaran istihadloh nyaeta kaluar darah dina luar waktu haid.
Gambaranana aya tujuh rupa:
1.    ﺍَﻟْﻤَﺮْﺃَﺓُ ﺍﻟْﻤُﺒْﺘَﺪِﺃَﺓُ ﺍﻟْﻤُﻤَﻴِّﺰَﺓُ:
Istri anu nembean bijil darah kalayan naliti kana eta darah, sahingga bisaa ngabedakeun kana sifatan darah.
Aya darah dlo’if (sakadar darah beureum), aya darah qowi (beureum pisan nepika semu hideung), kaluarna kapareng terus-terusan, sabulan, dua bulan, tilu bulan jeung saterusna.
Cara ngitung haidna nu doif direken istihadloh nu qowi direken haid.

  • Nu qowi direken haid saratna aya dua:
a.     Ulah kurang tina sapoe saapeuting.
b.    Ulah leuwih tina 15 poe 15 peuting.

  • Nu doif direken istihadloh lamun aya sarat dua:
a.     Ulah kurang tina 15 poe 15 peuting.
b.    Eta anu 15 poe 15 peuting teh kudu tuluy-tuluy.

Lamun henteu netepan kana sarat-sarat anu tos di tetelakeun, nu diitung haid dina sabulan-sabulana ngan sapoe sapeuting nyaeta dina mimiti tanggal bulan.
2.    ﺍَﻟْﻤَﺮْﺃَﺓُ ﺍﻟْﻤُﺒْﺘَﺪِﺃَﺓُ ﻏَﻴْﺮَ ﺍﻟْﻤُﻤَﻴِّﺰَﺓِ:
Tegesna can ngarasa haid sakali-kali acan, ari kapareng kaluar darah terus-terusan, tapi henteu bisa ngabedakeun kana eta darah naha qowi atawa dlo’if, tah nu dihukuman haidna dina tiap bulan ngan sapoe sapeuting saperti dina anu bisa ngabedakeun tapi teu aya saratna.

3.    ﺍﻟﻤﺮﺃﺓ ﺍﻟﻤﻌﺘﺎﺩﺓ ﺍﻟﻤﻤﻴﺰﺓ:
Istri anu sok biasa kaluar darah (haid) kari-kari kaluar darahna terus-terusan luar tina biasa sasari, diana kaluarna darah anu terus-terusan kapareng bisa ngabedakeun antara qowi sareng dio’if, tah dina ngatur netepkeun haidna, nu qowi hukuman haid upama henteu kurang tina sapoe sapeuting jeung henteu leuwih tina 15 poe 15 peuting, nu dloif hukuman istihadloh.
Jadi ngahukuman haid teh lain ku adat kabiasaana tapi ku ngareken lobana getih qowi.
Misal, upama tea mah keur normal sok kaluar lima poe, sedengkeun darah nu qowi tujuh poe, maka nu dihukuman haid teh tujuh poe lain lima poe, kajaba mun akur lobana darah qowi sareng adat kabiasaan.
Saperti kabiasaan keur normal sok lima poe kari-kari dina waktu keur teu normal nu qowina lima poe, tah nu dihukuman haidna teh lima poe, sabab akur darah qowi jeung kabiasaana, poe anu sasesana dina sabulan-sabulana direken darah istihadloh. Atuh hukuman suci, maka kawajiban teu beda saperti istri  anu suci bae dina pada wajib solat, puasa jeung sajabana.

4.    ﺍﻟﻤﺮﺃﺓ ﺍﻟﻤﻌﺘﺎﺩﺓ ﻏﻴﺮ ﺍﻟﻤﻤﻴﺰﺓ:
Istri biasa kaluar haid (normal) kari-kari kapareng kaluar darah terus-terusan bari henteu bisa ngabedakeun darah antara anu qowi sareng anu dlo’if, cara ningal darah teh mung sarupa, boh beureum wungkul atawa hideung wungkul, sahingga sifatan darah henteu beda-beda. Cara ngitung haidna akurkeun kana adat kabiasaanana bae, mun tea mah dina keu biasa nu normal kaluar darah teh sok lima poe, kaluar dina tanggal hiji, tah nu direken haid teh ti tanggal hiji tepi tanggal lima. Sesana direken istihadloh bae, atuh kawajiban teu beda saperti anu suci bae.

Catetan: 
Upama teu inget kana ukuran lobana poe, duka sok sabaraha poe, atawa teu inget iraha mimiti kaluarna duka sok tanggal sabaraha, tah eta ngahukuman haidna dina gambaran ka lima insya Allah engke di payun, nyaeta dibere hukuman dua (suci sareng haid). Tingali bae dina gambaran ka lima.

5.    ﺍﻟﻤﺮﺃﺓ ﺍﻟﻤﻌﺘﺎﺩﺓ ﻏﻴﺮ ﺍﻟﻤﻤﻴﺰﺓ ﺍﻟﻨﺎﺳﻴﺔ ﻟﻌﺎﺩﺗﻬﺎ ﻗﺪﺭﺍ ﻭ ﻭﻗﺘﺎ:
Istri geus biasa kaluar darah , kari-kari saba’da kitu kaluar darahna terus-terusan luar ti biasa sasaritepi kana darah henteu bisa ngabedakeun antara qowi sareng dlo’ifna. Kana waktu kaluarna poho duka sok tanggal sabaraha, lilana poho duka sok sabaraha poe, mangka cara ngahukumanana ditetepkeun dua hukum:
a.     Dihukuman suci, atuh wajib solat, puasa saperti anu suci bae.
b.    Ditetepkeun hukum haid, atuh paharaman kanu haid ulah dilakonan, sapeerti haram dialap suka , haram cicing di masjid, haram maca quran kajaba anau bertalian jeung bacaan solat dina keur solat, haram sujud tilawah, sujud sukur, haram towaf, haram nyabak quran.
Panambih:
Pangna kakeunaan dua hukum (suci sareng haid) sabab mumkin eta darah anu kaluar teh darah istihadloh, atuh hukum direken keur suci.  Oge mumkin darah nu kaluar teh darah haid, atuh direken haid.
Catetan:
1.    Dina cara ngalaksanakeun solat, saban-saban ba’da ngalaksanakeun solat kudu adus heula, sabab mmumkin darah haid geus saat nu keur kaluar mah darah istihadloh, kajaba lamun inget kana waktu saat haid anu keur biasa normal.
Upama tea mah inget keur waktu biasa sok saat dina waktu magrib, tah adus teh dina tiap-tiap waktu rek solat magrib dina anu sejena mah cukup ku wudu wungkul, jadi adusna teh dina sapoe sapeuting sakali dina tepung eta waktu, mun inget saatna waktu isya adus teh ba’da solat isya wae jeung saterusna-saterusna.
2.    Dina cara ngalaksanaakeun puasa, upama tea mah kaleresan sasih saom bari qodlona kontan (keur ngadarah keneh) henteu ngadagoan cageur, atawa didago cageur, tapi henteu daek wae cageur, tah puasana teh kudu dua bulan jeung genep poe, sabulan dina bulan puasa, kadua bulana saba’da bulan puasa, tuluy tambahan ku genep poe.
Pangna kudu dua bulan, sabab puasa nu sabulan tehnembe dietang opat belas dinten , margi nyandak kana etangan haid anu pangseueurna (15 dinten). Atuh ku puasa sasasih teh nembe kenging 15 dinten, sabab pasti dina tiap-tiap sasih oge aya haidna aya sucina. Ieu 15 dinten teh upami kaleresan kaluarna dina waktu subuh atawa waktu maghrib.
Upama kaluarna dina tengah wengi atawa tengah dinten, pasti ngajejegkeun 15 dinten teh ngala kana 16 dinten. Atuh anu kagangggu dina sssasih 16 dinten, da henteu aya istilah puasa satengah dinten. Atuh jumlah puasa dua bulan, dina tiap sasih nembe kenging 14 dinten, jumlah dina tiap bulan: 2x14 dinten=28 dinten, kana sabulan kirang dua dinten deui.
Cara ngahasilkeun puasa anu dua bulan deui: puasa ti tanggal 1-3, tanggal 4 liren dugi ka tanggal 15, tanggal 16-18 puasa deui, jadi jumlah puasa 6 dinten.
Pangna kudu dina tanggal 1-3 sareng dina tanggal 16-18, sabab bakal nyorang kana zaman suci ku eta anu genep dinten, najan haid ti mimiti tanggal sabaraha wae, pasti bakal meunang nu dua poe ku salah sahijina anu genep poe.

6.    ﺍﻟﻤﺮﺃﺓ ﺍﻟﺬﺍﻛﺮﺓ ﻟﻌﺎﺩﺗﻬﺎ ﻗﺪﺭا لا ﻭﻗﺘﺎ:
Istri anu tos biasa kaluar haid,kari-kari kaluar darah anu terus-terusan ngan inget kana adat kabiasaan waktu keur normal.
Conto upama tea mah inget kaluar haid teh sok lima poe ngan ari tanggalna mah teu inget duka sok ti tanggal sabaraha, ngan inget ari kaluar haid teh sok dina jero lingkungan puluhan anu awal (tanggal hiji dugi ka tanggal 10).
Malah aya deui nu inget tanggal hiji mah suci sedengkeun haid sok lima poe, tah nu ditetepkeun hukuman haid dina tanggal genep kalayan direken yakin, dina tanggal hiji, tanggal 11 tepi ka tanggal 30 eta direken yakin suci.
Nu yakin suci direken suci, nu yakin haid dibere hukuman haid, nu ihtimal dibere hukuman dua hukum, nyaeta hukum suci sareng haid. Sakumaha anu aya dina gambaran ka lima.
Ari nu ngaran ihtimal nyaeta pantes kana suci pantes kana haid.

7.    ﺍﻟﻤﺮﺃﺓ ﺍﻟﺬﺍﻛﺮﺓ ﻟﻌﺎﺩﺗﻬﺎ ﻭﻗﺘﺎ لا ﻗﺪﺭا:
Istri anu sok biasa haid, kari-kari kaluar darahna terus-terusan tapi inget keur waktu cageur. Conto, ari kaluar haid sok ti tanggal hiji tapi duka sok sabaraha poe. Dina cara ngahukuman haidna nyaeta nu dihukuman haidna ngan sapoe sapeuting dina waktu sabulan, dina tanggal dua dugi ka tanggal 15 diihtimalkeun, tegesna dibere dua hukum, nyaeta hukuman haid atawa suci.
Aturan puasa sareng solatna eta sakumaha anu aya dina gambaran ka lima, ti tanggal 16 dugi tanggal 30 hukuman suci, atuh kawajiban sakumaha ka istri anu keur suci bae.
**

BERSAMBUNG...

sumber: http://www.facebook.com/#!/notes/mang-isur/pepertelaan-haid-nifas-sareng-istihadloh-bagian-2/331814616900353
newer post

PEPERTELAAN HAID, NIFAS, SARENG ISTIHADLOH (BAGIAN 1)

0 komentar
MUQODIMAH

ﺑِﺴْﻢْ ﷲِ ﺍﻟﺮَّﺣْﻤٰﻦِ ﺍﻟﺮَّﺣِﻴْﻢِ
ﺍَﻟْﺤَﻤْﺪُ ﻟِﻠّٰﻪِ ﻋَﻠَﻰ ﻧِﻌَﻤِﻪِ ﺍﻟْﻜَﺎﻣِﻠَﺔِ ﻭَ ﺍﻟﺼَّﻼَﺓُ ﻭَ ﺍﻟﺴَّﻼَﻡُ ﻋَﻠَﻰ ﺳَﻴِّﺪِﻧَﺎ ﻣُﺤَﻤَّﺪٍ ﺫِﻯ ﺍْﻷَﻭْﺻَﺎﻑِ ﺍﻟْﻜَﺎﻣِﻠَﺔِ ﻭَﺁﻟِﻪِ ﻭَﺻَﺤْﺒِﻪِ ﺍﻟَّﺬِﻳْﻦَ ﻧَﺎﻟُﻮﺍ ﺍﻟﺬَّﺭَﺟَﺎﺕِ ﺍﻟْﻌُﻠْﻴَﺎ ﺑِﺎﻟﺴَّﺒْﻖِ ﻓِﻰ ﻧُﺼْﺮَﺓِ ﺍﻟْﻤِﻠَّﺔِ.
(ﺃﻣﺎﺑﻌﺪ)

Istri pameget wajib terang kana aturan hukum darah haid, nifas sareng darah istihadloh. Margi ari istri kanu janten pameget eta teh amanah ti Gusti Allah, upami henteu leres ngurusna maka pameget bakal kabawa cilaka di payuneun Gusti Allah.
Masalah haid aya hubunganana sareng bab solat, bab saom, bab susuci, bab tolak sareng ‘iddah. Upama henteu terang aturanana, maka moal bisa ngatur kana kadudukan hukumna.
Kusabab kitu mangka cobian telaah ieu catetan. Insya Allah bakal ngartos kana aturan haid, nifas sareng istihadloh, margi seueur pisan jungjang karawatna.

قَالَ النَّبِىُّ ﷺ: اِتَّقُوا ﷲَ فِى النِّسَآءِ فَإِنَّكُمْ أَخَذْتُمُوْهُنَّ بِأَمَانَةِ ﷲِ وَاسْتَحْلَلْتُمْ بِكَلِمِةِ ﷲِ. رواه مسلم

Hartosna: Kudu ngariksa aranjeun kana aturan hukum anu aya sangkut pautna sareng istri (diantarana hukum haid, nifas sareng istihadloh). Jeung halal anjeun ngalap suka kalayan make perjalana hukum Allah.

Masalh haid, nifas sareng istihadloh bersangkutan sareng susuci oge zaman suci. Maka moal leres ibadah solatna sareng moal halal dialapsuka ku carogena (diwatina).
**

BAB 1
HUKUM

1.      Istri anu haid atanapi nifas solatna teukedah diqodoan tapi saom mah kedah diqodoan mun tea mah kaleresan sasih saom.
قَالَتْ عَاﺋِسَةُ: كَانَ يُصِبْنَا ذٰلِكَ فَنُـﺅْمَرُ بِقَضَاءِ الصَّوْمِ وَ لَاﻧُﺅْمَرُ بِقَضَاءِ الصَّلَاةِ. رواه مسلم

2.    Istri nu istihadloh wajib solat wajib saom, malihan aya istri anu tiap ba’da sholat kedah adus heula. Penjelasanana insya Allah engke dipayun.
قَالَتْ عَاﺋِسَةُ: اِسْتَفَتَتْ أُمُّ حَبِيْبَةَ بِنْتُ جَحْشٍ رَسُوْلَ ﷲِ ﷺ إِنِّى أُسْتُحَاضُ, فَقَالَ إِنَّمَا ذٰلِكَ عِرْقٌ فَاغْسِلِى ثُمَّ صَلِّى! فَكَانَتْ تَغْتَسِلُ عِنْدَ كُلِّ صَلَاةٍ.

3.    Kenging paantel ka istri anu nuju haid antara bujal sareng tuur asal ditilaman, tapi upami sanes antara bujal sareng tuur sanajan henteu ditilaman eta kenging.
عَنْ مَيْمُوْنَةَ قَالَتْ: كَانَ رَسُوْلُ ﷲِ ﷺ يُبَاشِرُ نِسَاﺋَﻪُ فَوْقَ الْإِزَارِ وَ هُنَّ حَيْضٌ.

4.    istri anu nuju haid tiasa sasarengan kulem sareng carogena.
قَالَتْ أُمُّ سَلَمَةَ: بَيْنَمَا أَنَا مُضْطَجِعَةٌ مَعَ رَسُوْلِ ﷲِ ﷺ فِى الخَمِلَةِ إِذْ حِضْتُ فَانْسَلَلْتُ فَأَخَذْتُ ثِيَابِ حَيْضَتِى , فَقَالَ لِى رَسُوْلُ ﷲِ ﷺ أَنَفِسْتِ ؟ قَالَتْ نَعَمْ, فَدَعَانِى فَاضْطَجَعْتُ مَعَهُ. رواه مسلم 

5. pangharaman pikeun anu haid:
a. solat fardu atawa sunat.
b. puasa pardu atawa sunat.
c. maca Quran.
d. nyabak Quran.
e. cicing di masjid.
f. thowaf pardu atawa sunat.
g. di wathi.
h. dialapsuka antara bujal sareng tuur.

6. fardu adus:
a. niat,
lafadna: نَوَيْتُ رَفْعَ الْجِنَابَةِ عَنِ الْحَيْضِ/عَنِ النِّفَاسِ فَرْضًا لِلهِ تَعَالٰى
(bareng jeung ngocorkeun cai kana badan)
hartosna: niat abdi adus ngilangkeun junub/hadas ageung tina haid/nifas fardu karana Allah ta’ala.
b. ngilangkeun heula najis anu aya dina dzohir badan samemeh prak adus.
c. ngocorkeun cai kana sakabeh badan (kulitna, rambutna dugi ka jero gelung, kukuna, handapeun kukuna).
d. kubul dubur betenkeun meueusan bari dikumbah.

7. pasunatan adus:
a. wudu heula kalawan niat ngalaksanakeun pasunatan adus, lafadna: نَوَيْتُ الْوُصُوْءَ لِسُنَّةِ الْغُسْلِ لِلهِ تَعَالٰى
b. sakur anu katepi ku leungeun gosokan.
c. tuluy-tuluy.
d. heulakeun manjur sirah, tuluy kana badan beulah katuhu.
e. tilu balikan.
f. kubul dubur kumbah heulasarta betenkeun meueusan.

Catetan: 
Upami henteu sah adusna, maka henteu sah solatna oge haram dialap suka ku carogena mun masih aya anu kaliwat sanajan mung saukuran satotol sagede beunyeur.

Kumargi sakitu wajib ka istri sareng pameget taliti dina adus bilih aya anu kaliwat, sabab bahaya margi nyangkut kana peribadahan sareng paharaman-paharaman kanau nuju haid.
**

BAB 2
PEPERTELAAN HAID

وَﻳَﺴْﺌَﻠُﻮْﻧَﻚَ ﻋَﻦِ الْمَحِيْضِﺻﻠﮯ  ﻗُﻞْ ﻫُﻮَ ﺃَﺫًﻯ ﻓَﺎﻋْﺘَﺰِﻟُﻮﺍ ﺍﻟﻨِّﺴَﺎﺀَ ﻓِﻰ ﺍﻟْﻤَﺤِﻴْﺾِﺻﻠﮯ ﻭَﻻَﺗَﻘْﺮَﺑُﻮْﻫُﻦَّ ﺣَﺘَّﻰ ﻳَﻄْﻬُﺮْﻥَ ﺻﻠﮯ ﻓَﺈِﺫَﺍ ﺗَﻄَﻬَّﺮْﻥَ ﻓَﺄْﺗُﻮْﻫُﻦَّ ﻣِﻦْ ﺣَﻴْﺚُ ﺃَﻣَﺮَﻛُﻢُ ﷲُج ﺇِﻥَّ ﷲَ ﻳُﺤِﺐُّ ﺍﻟﺗَّﻮَّﺍﺑِﻴْﻦَ ﻭَﻳُﺤِﺐُّ ﺍﻟْﻤُﺘَﻄَﻬِّﺮِيْنَ (ﺍﻟﺒﻘﺮﺓ: ۲۲۲)

Hartosna:  “Jeung kaom-kaom bakal nanyakeun ka anjeun Muhammad tina hukum haid. Pok caritakeun ku anjeun: haid teh panyakit, kukituna kudu ngajauhan (ulah paantel ulah dialap suka antara bujal sareng tuur) sahingga saat haidnasarta tos adus, upama geus beresih (geus adus) pek alap suka dinu sakumaha nu diparentahkeun ku Allah ka maraneh kabeh, saestuna Allah mikaresep kanu tarobat sareng kanu bareresih.”
(QS. Al-Baqoroh: 222)

ﺣﺪﺛﻨﻰ ﺍﺑﻮ ﺍﻟﻄﺎﻫﺮ ﺍﺧﺒﺮﻧﺎ ﺍﺑﻮ ﻭﻫﺐ ﻋﻦ ﻣﺨﺮﻣﺔ ﻭﺣﺪﺛﻨﺎ ﻫﺎﺭﻭﻥ ﺑﻦ ﺳﻌﻴﺪ ﺍﻹﻳﻠﻰ  ﻭ ﺃﺣﻤﺪ ﺑﻦ ﻋﻴﺴﻰ ﻗﺎﻻ ﺣﺪﺛﻨﺎ ﺍﺑﻦ ﻭﻫﺎﺏ ﺍﺧﺒﺮﻧﻰ ﻣﺨﺮﻣﺔ ﻋﻦ ﺍﺑﻴﻪ ﻋﻦ ﻛﺮﻳﺐ ﻣﻮﻟﻰ ﺍﺑﻦ ﻋﺑﺎﺱ ﻗﺎﻝ ﺳﻤﻌﺖ ﻣﻴﻤﻮﻧﺔ ﺯﻭﺟﺔ ﺍﻟﻨﺒﻰ ﷺ ﻛﺎﻥ ﺭﺳﻮﻝ ﷲ ﷺ ﻳﻀﻄﺠﻊ ﻣﻌﻰ ﻭﺃﻧﺎ ﺣﺎﺋﺾ ﻭ ﺑﻴﻨﻰ ﻭ ﺑﻴﻨﻪ ﺛﻮﺏ. ﺭﻭﺍه ﻣﺴﻠﻢ 

Maksud hadist ieu Kanjeng Nabi kantos kulem sareng bojona (Siti Maemunah) nuju haid tapi henteu paantel da dihalangan ku anggean.
Ieu hadist nandakeun kana meunangna sare sareng bojo anu nuju haid asal ulah paantel antara bujal sareng tuur ulah dialap suka.

BAB 2.1
DARAH ANU KALUAR TINA FARJI

Darah anu kaluar tina farji aya tilu rupa:
1.    Darah haid.
2.    Darah istihadloh.
3.    Darah nifas.

Rupana darah aya lima rupa:
1.    Hideung.
2.    Beureum.
3.    Koneng.
4.    Kiruh.
5.    Herang.
Sadayana oge kalebet kana darah haid upama henteu keu kurang tina sapoe sapeuting jeng henteu leuwih tina lima belas poe lima belas peuting.

Anu disebut darah haid:
1.    Sarat istrina kudu geus umur salapan taun paling saeutik atawa kurang tina 15 poe kahandap.
2.    Lain ladang panyakit.
3.    Netepan kana pelaturan anu geus ditetepkeun ku hukum anu bakal dijelaskeun insya Allah dipayun.

BAB 2.2
ZAMAN HAID

1.    Zaman haid pangsaeutikna kudu aya sapoe sapeuting (24 jam). Upami kurang tina 24 jam eta sanes getih haid. Ieu zaman nu disebat pangsaeutikna zaman  haid.
Pangna dipatok ku 24 jam sabab sok aya kaluar haid lain dina mimiti poe/mimiti bijil fajar.
2.    Zaman galibna/pertengahan genep poe atawa tujuh poe sarta peutinganana, tapi zaman nu sakitu tetep jumlahna ulah kurang tina 24 jameun, lamun kurang lain darah haid tapi darah istihadloh (darah panyakit).
3.    Zaman aksar/panglobana 15 poe 15 peuting. Sabab sok aya kaselang saat sakapeung. Ieu oge tetep kudu aya 24 jameun, saupami kurang tina 24 jam sanes darah haid.

Ieu pantepan hukum ti Imam Syafi’i kalayan hasil istiqro’ (hasil tina panalitian).

Catetan:
1.    Kaasup kaluar darah haid najan henteu ngocor asal mun farji diusap ku kapas aya tapak beureum dina eta kapas.
2.    Upama kurang tina sapoe sapeuting atawa leuwih tina 15 poe 15 peuting eta lain haid.
3.    Dina sela-sela saat cara dua poe kaluar dua poe saat tuluy kaluar deui eta sela-selana tiasa dilebetkeun kana zaman haid asal aya dina sajeroeun 15 poe 15 peuting.
4.    Upama saat padahal can tepi kana bilangan poe nu sasari tuluy ngantosan kaluar deui , kari-kari henteu kaluar deui. Tah semet saat nu tadi maka solat kudu diqodloan, najan galibna tara sakitu poe.
Conto:
a.    kaluar sapuluh poe, saat dua poe, tuluy datang deui dua poe. (jumlah lobana waktu haid: 10+2+2=14 poe), eta kaasup zaman haid keneh.
b.    Kaluar sapuluh poe, saat lima poe, tuluy datang deui sapoe atawa leuwih.
(jumlah lobana waktu haid: 10+5+1=16), tah anu leuwihna tina 15 poe eta ngarana darah istihadloh, lain darah haid.

BERSAMBUNG...

sumber: http://www.facebook.com/#!/notes/mang-isur/pepertelaan-haid-nifas-sareng-istihadloh-bagian-1/331804846901330
newer post
newer post older post Home