Selasa, 13 Maret 2012

WAKTU



oleh Mang Isur

24 jam dina sapoe sapeuting Allah swt. maparin waktu ka makhluka-Na.
Dina pada detik, menit, jamna akur Allah maparinkeunana teu aya nu dikurangan teu aya nu nu dileuwihan saeutik2 acan.
Tapi naha rarajeunan sok aya keneh nu nyarita, “24 jam urang dibere waktu ku Pangeran tapi rarasaan mah teu cukup, ti beurang urang usaha manehna milu usaha, tapi naha ningan nempo manehna mah kahirupana leuwih gampang, usahana leuwih lancar, rizkina leuwih babari tibatan urang padahal usahana mah akur jiga  urang, lamun dagang akur nu dijualna, lamun tani akur nu dipelakna, lamun buburuh akur nu dipigawena”.
Aya deui conto ti barudak santri , “Cicing di pasantren teu beda jauh waktuna, umurna teu anggang dina bilangana, katut dinu didaharna akur dinu dihuapkeunana. Dina pada sarua ngadahar liwetna, oseng gedang reujeungna, sambel goang katut pucuk daun nangka nu dipake pelengkapna, diamparkeun dina eblek wadahna, nu ceuk barudak santri tea mah opat sehat lima kamerekaan. Tapi kunaon geuning si eta mah kaciri leuwih ngarti, katenjo leuwih nyaho, karasa leuwih bisa tibatan urang. Naon atuh naon pangna bisa aya nu beda dina masalah ilmiyahna?” Ceuk si ujang santri bari ngagaroan budug dina pengpelanganana. Diantara salahsahiji sababna nyaeta “cara ngamanfaatkeun waktu di masing2 pribadina”.


Time is money, waktu adalah uang kitu ceuk urang inggrisna mah.
Hukama nyanggemkeun:
Alwaktu kassaiif in lam taqtha’hu qattha’aka, ari waktu lir ibarat pedang, umpama anjeun teu bisa motongkeunana mangka anjeun nu binasa ku lantarana.
Dua ungkapan diluhur ngisyaratkeun supaya urang ulah cicing, nangkeup harigu. Tapi urang kudu ngayakeun tindakan; gawe, usaha jeung berkarya.
Angot baranggawe dina Islam mangrupakeun ibadah, sakumaha diungkapkeun ku Abu A’la al-Maududi dina bukuna Towords Understanding Islam: pagawean kumaha wae upama sajalan jeung aturan Allah mangrupakeun ibadah.
Masih dina masalah waktu Allah swt. dina al-Quran suroh al-Ashr ayat 1-3 ngadawuhkeun: Demi waktu, saestuna manusa aya dina karugian, anging jalma2 nu airman jeung migawe amal kahadean, saling mere nasehat supaya turut kana kabeneran jeung saling mere nasehat supaya ngamalkeun kahadean.
Dawuhan Allah swt. diluhur ngisyaratkeun pentingna ngamanfaatkeun waktu pikeun ngalakukeun aktivitas.
Kecap ashr numutkeun Ibnu Katsir nyaeta: azzaman alladzi yaqo’u fiihi harokaat bani aadama min khoirin wa syarrin, waktu nu tumiba dinapadana aktivitas anak Adam nu mangrupa kahadean jeung kagorengan.
Sedengkeun numutkeun Quraish Shihab dina Wawasan al-Quran kecap ashr nyaeta rangkaian waktu ayeuna jeung nu bakal datang. Tina kumargi kitu, bisa kapaham yen Allah sumpah ku kalimah “demi waktu” salianti pikeun narik perhatian manusa tina naon nudisumpahkeunana, oge ngamotivasi pikeun urang supaya merhatikeun, ngatur jeung make waktu sahade2na.
Sabab, urang sarerea robah sesuai jeung perjalanan waktu. Pantes Ibnu ‘Umar mere wasiat: idza amsaita falaa tantadhirisshobaaha wa idza ashbahta falaa tantadhiril masaa,a; pagawean pasosore ulah didagokeun pikeun isuk2, jeung pagawean isuk2 ulah didagokeun pikeun pasosore.
Kunaon?
Jawabna: innal insaana lafi khusr, saestuna manusa aya dina karugian.
Lamun urang nyalse, leha2 dina waktu pasti urang bakal ngalaman karugian jeung kahancuran. Timbul pertanyaan, kumaha sangkan teu rugi? Ayat salajengna ngajawab: illa ladzina aamanuu wa ‘amilusshoolihaati, anging jalma2 nu airman jeung migawe amal kahadean.
Dr. Muhammad Sulaiman al-Asqari dina Jubdat at-Tafsir Min Fath al-Qad ngajelaskeun: aiy jama’uu bainal iimaani billahi wal’amalisshalihi fainnahum fii rub’in laa fii khusrin, saumpama iman ka Gusti Allah maka urang asup kana golongan jalma2 anu beruntung, lain jalma2 anu rarugi.
Konsep iman jeung amal soleh ieu ibarat dua sisi keping mata uang nu moal bisa dipisahkeun. Manifestasi insan nu beriman maka bakal kaciri dina kualitas pagawean anu hade termasuk dina cara ngamanfaatkeun waktuna. Sakumaha dina suroh at-Taubah ayat 105 Allah swt. ngadawuhkeun: Jeung bejakeun ku anjeun (Muhammad), baranggawe aranjeun kabeh! Mangka Allah bakal nempo kana pagaweran aranjeun kabeh, nya kitu deui Rosul-Na jeung jalma2 nu ariman. Anjeun bakal dipulangkeun ka Gusti Allah anu apal kanu ghoib jeung nu nyata. Salajengna Allah bakal ngabejakeun ka aranjeun kana naon bae nu ku aranjeun dipigawe.

Wallohu a’lam…

0 komentar:

Posting Komentar

newer post older post Home