Rabu, 14 Maret 2012

CEURIK RAHWANA

oleh Mang Isur


Kenging: Irman Noorhafituddin

Tengah peuting keur jemplang-jempling, Rahwana nguliat hudang kusabab hayang ka cai. Beuteungna ngurubuk, eusi beuteung baruntak kusabab haying gancang kaluar. Biwir dower Rahwana nyengir kusabab nahan kanyeri, dua leungeuna tipepereket nyekel beuteung nu terus-terusanan ngusial. “Beu cilaka”, gerentes hate Rahwana. Manehna humarurung nyorangan di kamar kontrakan. Rek ka cai sieun ku jurig, ma,lum manehna teh jalma pangborangana saalam pawayangan.
Teu ku hanteu, tadi beurang manehna teh tas ti imah Nyai Kris, randa beunghar, apel tidituna mah. Sarerea geus pada apal, yen Rahwana jeung Nyai Kris teh aya pakait ati nu kacida romantisna. Rahwana, mahasiswa semester akhir nu keur butuh biaya. Beungeut goreng patut dijieun modal melet Nyai Kris.  Nya batu turun keusik naek. Ari Nyai Kris geus bosen meunangkeun nu kasep, pajarkeun teh  hayang nyobaan boga kabogoh nu goreng patut. Dasar milik , prok panggih jeung Rahwana pisan.
Ari Nyai Kris, karesepna trh baso tahu nu lada kacida. Sakali balanja keur saminggueun. Antukna unggal Rahwana apel kapaksa kudu marengan dahar barang lada eta. Teu apaleun yen Rahwana boga kasakit peujit. Teu kaop ngadahar anu lada beuteungna sok langsung ngusial.
Kunaon Rahwana nekad? Bogoh! Modalna mah. Jelema nu katureleng cinta tea, teu ngabibisani.
Keur anteng ngararasakeun kanyeri, geleber aya nu hiber ka jero kamarna. Rupana hideung lestreng. Puguh be Rahwana reuwas lain meumeueusan. Awakna ngadegdeg, kesang badag jeung nu lembut ngorolok  sakujur awakna nu cadu mandi. Panon molotot, sungut calawak. Pikawatireun pisan ningali kaayaanna harita teh.
Saenggeus pangacianana ngumpul deui, ras manehna inget kana jampe pamake anu diwariskeun ti akina almarhum baheula.
Gorolang dibaca tarik pisan. Kieu uninghana, “ sima aing sima maung, aing kasima ku maung. Lol belut badag kadieu urang urekan. Golosor…golosor… Leok ka kenca, leok ka katuhu. Ku aing huluna diprek-prek. Ngek…ngek!”
Teuing jampe anu matih, duka eta mahluk karunyaeun ningal Rahwana, geleber kaluar deui bari ngomong “Dikantun, a!” cenah.
Kocap kacarita, isukna rahwana geus saged rek kuliah. Mun teu salah, Psikolog Cinta  nu diajarkeun ku Ki Dosen Arjuna. Manehna sieun kabeurangan deui jiga minggu kamari. Diusir, pedah telat sajam satengah. Teu pira. Dasar dosen killer. Ari rek ngalawan sieun teu lulus deui wae. Arjuna mah kasohor teu bisa diajak kolusi, kajeun dibere duit dua karung recehan, tetep teu narima. Tah lamun ku awewe, tyong boro ditawaran. Sanajan henteu ge sok ngahagalkeun neangan.
Biasana lamun rekl kuliah the, manehna sok nyimpang heula ka Nyai Kris. Tapi harita mah, duka bet kumaha bet kacida horeamna.
Nya langsung wae ka kampus teu kungsi sumpang-simpang.
Datang ka kampus, kasampak mahasiswa babaturanana keur aluprek ngobrol. Ki dosen can kasampak, biasana mah sok tara telat. Puguh be, keur mahasiswa mah kasempetan jang ngarumpi. Kitu deui Rahwana langsung ngagabung jeung  Gedeng Pramoni, Astrajingga, Dewi Ratih katut cep Abi Manyu. Parat nepika beak waktuna Ki Dosen can jol keneh wae. Antukna kabeh  sapuk baralik. Aya nu ka kaler, ka kidul, ka kulon, ka wetan, ka luhur jeung ka handap. Anehna the, sugan aya nu kuciwa, ieu mah kabeh katingalna acuh. Nu penting lulus, kitu pikiranana.
Dina lawang panto kelas, Gedeng Pramoni ngajewang leungeun Rahwana, rek ngajak ka kantin heula cenah, sakalian hayang ngobrol. Dasar jalma kurang modal, atoh wae nu aya, lumayan bisa jajan gratis pokna teh.
“Lain ari didinya teh  geus sabaraha lila hahadean jeung Si Nyai Kris teh?” Gedeng Pramoni  nanya ka sobatna.

Ditanya kitu the Rahwana ngahuleng sajongjonan. Panona neuteup seukeut ka Gedeng bari pok ngomong antare, “Ke lanan, naon maksud you nanya masalah pribadi kuring? Asa rareuwas ieu teh, moal kitu timburu?”
“Kamu mah, dibawa serieus kalah ngajak ngabanyol. Naha can ngadenge isyu nu pangakhirna katarima ku Badan Intelejen Isyu Nasional?” Gedeng Pramoni jadi nyorongot ngomongna.
“Beja naon yeuh?” Rahwana nyerengeh jebleh.
Ieu jelema jiga nu kurang informasi, gerentes hate Gedeng. Rey, aya rasa rujit campur karunya. Bejakeun entong, entong bejakeun, hatena sabil. Lamun dibejakeun tangtu bakal piributeun. Lamun henteu piraku teu solider ka babaturan. Ah, bejakeun weh. Hatena mimiti nekad. Kumaha engke, engke kumaha. Perang nya perang, cicing nya cicing.
“Yeuh Rahwana, maneh ulah bonge teuing ceuli teh. Naha can ngadenge beja yen Si Nyai Kris teh nyeleweng ka Ki Arjuna, Dosen urang tea?”
Lamun aya gelap, jigana moal leuwih tarik tibatan beja eta keur Rahwana. Jajantungna sakedapan eureun, teu lemek teu nyarek, ngan ngudupruk manehna teu inget di bumi alam, katurelengan.
Inget-inget manehna geus aya di rumah sakit, sirahna dicueuhan ku air keras nepika ngebul. Leungeun jeung sukuna ditalian kana ranjang, sabab terus-terusan ngamuk. Teu kaop aya perawat awewe, digeroan, Nyai Kris. Kusabab panyakitna tambah parna, nya dibawa ka kamar mayit, sina tapa.
Dasar dongeng, tina nyeri hate nu kacida parna, nya nimbulkeun hiji kakuatan nu teu aya bandinganana. Manehna jadi buas alah batan sato. Nyeri ku awewe, ubarna kudu ku awewe deui. Rek parawan, rek randa, atawa geus klaki rabi. Disikat kabeh. Loba kasusna. Nu panganyarna, kabejakeun cenah rahwana nyulik pamajikan Prabu Rama Wijaya, Dewi Shinta.  Teu bisa disalahkeun kitu wae, bongan baheula manehna dinyenyeri batur. Tungtungna manehna boga tekad hayang nganyenyeri sing saha wae jelema nu boga awewe. Nu kudu disalahkeun mah jigana Arjuna, coba lamun Nyai Kris, enya kabogoh Rahwana baheula henteu direbut Arjjuna. Meureun moal aya beja Rahwana jahat ka awewe.
Malah mah, Ujang Hermansyah pribadi, popotongan Nyai Kris tea, sarua nyalahkeun Arjuna. Para tokoh dunya sapuk rek ngayakeun balitungan jeung nagara Madukara.
Ceurik Rahwana  sarua jeung ceyurik rakyat Madukara, Rahwana kaleuleungitan awewe, rahayat Madukara leungiteun dahareun jeung sagala rupa kabutuhan hirup.
Duh awewe…!!
Ki Dalang beakeun carita, tutup lawang sigotaka.
Eng…ing…eng!!
***

0 komentar:

Posting Komentar

newer post older post Home