Rabu, 18 Juli 2012

PEPERTELAAN HAID, NIFAS, SARENG ISTIHADLOH (BAGIAN 3)

BAB 4
PEPERTELAAN NIFAS

Anu ngaran nifas nyaeta kaluar darah dina saba’da ngalahirkeun.
Ari pangsaeutikna jaman nifas nyaeta sakecretan darah, ari ghalibna jaman nifas nyaeta 40 poe, sedengkeun panglamina jaman nifas nyaeta 60 poe.
Tah ieu hukum teh panetepan Imam Syafi’i kalayan hasil istiqro’ (panalitian) di jaman istri-istri urang arab kapungkur.

BAB 5
PEPERTELAAN ZAMAN SUCI

Zaman suci pangsakedapna 15 poe 15 peuting, saumpama kaluar darah sateuacan 15 poe 15 peuting eta lebet kana istihadloh.
Ieu ukuran 15 poe 15 peuting teh upama ngetang kana jaman antara haid sareng haid deui, da saumpami ngetang antara haid sareng nifas, atawa antara nifas sareng haid, atawa nifas sareng nifas, aya kamumkinan jaman suci kurang tina 15 poe 15 peuting.
Conto:
1.    Antara haid sareng nifas;
Umpama istri nuju hamil haid (sabab terkadang aya istri anu hamil haid) nembe tujuh dinten, tina saba’da haid tuluy ngalahirkeun, tuluy nifas, atuh jaman sucina ngan tujuh dinten.

2.    Antara nifas sareng haid;
Istri nifas saba’da 60 dinten saat, kakara oge saminggu datang deui darah, tah eta teh kaasup darah haid, atuh jaman sucina ngan saminggu.

3.    Antara nifas sareng nifas;
Istri ngalahirkeun tuluy nifas, nuju nifas dialap suka (diwathi’), kaleresan teras hamil, berarti istri nifas bari hamil.
Upama tea mah kakara saminggu saat tina nifas teras ngalahirkeun (karuron), saba’da karuron teras nifas, atuh jaman sucina ngan saminggu.

Ari galibna jaman sucian eta ngitung kana ghalibna haid,
upama galibna haid genep dinten maka galibna sucian 24 dinten, upama galibna haid tujuh dinten maka galibna sucian 23 dinten. Jadi ringkesna mah galibna sucian sabulan dikurangan ku galibna haid.
Ari panglamina jaman sucian eta henteu aya batesanana. Malah sok aya istri salawasna tara haid tara nifas.

Rangkuman:
Pembagian darah anu kaluar tina farji:
1.    Darah haid,
zaman pangsakedapna kaluar darah haid sadinten  sawengi.
zaman galibna (pertengahan) kaluar darah haid genep atanapi tujuh dinten sinareng wengina.
Zaman panglamina 15 poe 15 wengi.

2.      Darah nifas,
Zaman pangsakedapna kaluar darah nifas nyaeta sakeclak.
Zaman galibna (pertengahan) kaluar darah nifas 40 dinten.
Zaman panglamina kaluar darah nifas 60 dinten.

3.      Darah istihadloh,
Zamana henteu tangtos, pokona mah luar tina bates haid sareng nifas eta darah teh darah istihadloh.

MUHIMMAH

Asal poko haid henteu kedah qodlo solat najan kaselang ku saatasal dina jero lingkungan 15 poe 15 peuting. Tapi aya anu wajib diqodloan nyaeta dina gambaran:
1.    Upama waktu solat tumanjing, tapi can ge solat kaburu datang haid, tah solat nu eta kedah diqodloan. Malahan maju ka hareup sareng asarna upama kaleresan eta waktu teh waktu lohor. ‘Elatna, sabab sah dijama’. Upami aya dina waktos magrib, maka ngodloan solatna magrib sareng isya.
2.    Upami dina saatna maka ngodloan solatna ngala ka pengker. Conto sapertos saat dina waktu asar tapi henteu kaburu solat asar da kaburu datang waktu magrib tur henteu kaburu susuci sabab waktuna akhir pisan. Eta solat asar wajib diqodloan oge mundur sareng lohorna. Upami saatna dina waktu isya, tapi henteu kaburu solat, maka eta solat isya wajib diqodloan oge mundur sareng magribna. Ringkesna, dina datang maju kahareup, dina saat mundur ka tukang. Tapi waktu subuh mah henteu ngala ka hareup henteu ngala ka tukang. ‘Elatna, sabab waktu subuh teu aya layan pikeun ngajama’na.
Atawa mimiti kaluar darah haid dina waktu asar atawa saat dina waktu duhur tapi henteu kaburu solat, tah nu diqodloan teh asar wungkul atawa duhur wungkul.



PANUTUP TINU NYUSUN IEU RISALAH

Alhamdulillah parantos tamat nyusu ieu risalah masalah bab haid, nifas, sareng istihadloh, namung mung ukur sabagian ageungna bae.
Nu diangge dasar panyan dakanana nyaeta Kitab Syarh al-Bajuri Juz Awal Pasal Haid.
Kalayan pitulung Gusti Allah oge kalayan qudrot irodat mantenNa tamat ieu risalah kaping 4 Jumadil Ula’ 1409 Hijriyah, kaleresan kaping 12 Januari 1989 Masehi.
Malar janten bantosan pikeun ngagampilkeun kanu dialajar susuci pikeun ibadah, terutami dina masalah solat sareng saom.
Ieu risalah mumkin aya lepatna, ku kituna mugi para wargi kersa ngalereskeunana.

Wasalam ti panyusun,
KH. Sholih Naashihin

TAMAT

sumber: http://www.facebook.com/note.php?saved&&note_id=331816176900197

0 komentar:

Posting Komentar

newer post older post Home